Facebook SDK

ULANGAN TENGAH SEMESTER II
SD NEGERI SAMUDRAJAYA
TAUN AJARAN 2009 / 2010

Nami :
Peunteun
Tawisan

Guru
Sepuh murid


                                          




Pangajaran          : Basa Sunda
Kelas                  : VI (Genep)
Dinten / Kaping : Rebo, 24 Maret 2010
Waktos               : -
 

I . Cakraan (X) aksara A, B, C atawa D dihareupeun jawaban anu bener !
1.   Beja nu katarima tina koran, radio atawa televisi disebutna  . . . .
A. informasi                   B. warta                      C. amanat                    D. piwuruk                 
2.   Istilah sejen pikeun peta nyaeta . . . .
     A. koran                         B. jangkar                    C. piwuruk                  D. kar                         
3.   Nu lain babagean dina biantara nyaeta  . . . .
     A. udur                          B. gering                     C. teu walakaya          D. teu damang
4.   Nyarita di hareupeun balarea atawa umum, disebutna . . . .
     A. ngadongeng              B. pangumuman          C. bewara                    D. biantara                 
5.   Alusna mah teks biantara teh ku urang kudu . . . .
A. ditalar                       B. dibaca                     C. diapalkeun              D. diinget-inget                      
6.   Si Ibro mah beurat birit, beurat birit hartina . . . .
      A. hese dititah              B. babari dititah          C. eraan                       D. sieunan                              
7.   Dupi Gani teh (terap) panyawat naon ?
      A. di                             B. ka                            C. ti                             D. na
8.   Papatah tinu jadi kolot teh urang kudu . . . .
      A. diregepkeun             B. ngaregepkeun         C. ragepan                   D. karegepkeun
9.   Nu kaasup kecap rajekan dwipurwa, contona . . . .
 A. sumpang – simpang                                     C. sesepak
      B. cas – ces – cos                                             D. guna – guna
10. Aya jalan komo meuntas, hartina . . . .
A. mupuas kanu keur cilaka                 
B. aya kahayang, tambah aya nu ngajak                      
C. tenang taya kasieun.
D. jauh – jauh teu beubeunangan
11.Gaganti kolot urang di sakola teh  . . . .
A. ketua murid            B. guru                        C. penjaga sakola        D. babaturan sakola
12.Kuring teh  . . . amanat ku Ema keur ka Santi.
A. katitipan                 B. katitipkeun             C. titipan                     D. titipkeun
13.Awakna leuleus teu aya tanaga ibarat . . .  kaibunan.
A. bantal                     B. kasur                       C. kapas                      D. keretas
14.Conto kalimah nu eusina nasehat . . . .
A. “Cing Ujang pangmeulikeun cengek ka warung” !                                     
      B. “Budak et amah musuhna meuni loba”                                                      
 C.  “Angga mah budak akur jeung batur”
      D.  “Urang hirup di dunya teh kudu akur jeung batur”
15.Cing atuh jeung dulur teh sing akur ulah kawas  . . . .
 A. monyet jeung kuya                                      C. ucing jeung anjing
      B. peucang jeung buhaya                                 D. sendok jeung garpu

II.  Eusian titik – titik di handap ieu ku jawaban nu merenah !

16.Dina ngaran patukangan, tukang moro sasatoan disebut . . . .
17.Nu kaasup babagean dina biantara nyaeta . . . .
18.Para siswa kudu baris heula samemeh asup ka sakola, para siswa = . . . .
19.Awakna jangkung badag siga . . . pangisina.
20.Sinonimna gede hulu nyaeta . . . .
21.Lamun nampanan kudu ku leungeun katuhu ulah ku  . . . sabab teu sopan.
22.Abus sakola teh jam 07.15 jadi datangna kudu isuk keneh.
Kalimah diluhur lamun disalin kana basa lemes jadi  . . . .
23.Anak anjing kirik, ari anak buhaya nyaeta  . . . .
24.Dipapatahan teh kalah renyah – renyoh kawas  . . . .
25.Salah sahiji wangun ibing sunda nu asalna ti Jawa Barat nyaeta  . . . .

III.   Prak jawab luyu jeung parentahna !
26.Tulis 2 (dua) kecap make rarangken hareup para, tuluy jieun kalimahna !
27.Tulis 3 (tilu) rupa jenis grafik !
28.Jieun kalimah make gaya basa ngumpamakeun di handap ieu!
29.Cing kumaha pipokeunana merenahkeun kecap nu hartina sarua jeung kecap “meuli”, keur ka sorangan, jeung ka batur saluhureun, ngagunakeun basa hormat !
30.Tulis 3 (tilu) kecap istilah kaagamaan jeung hartina !

Post a Comment

Berkomentar sesuai dengan judul blog ini yah, berbagi ilmu, berbagi kebaikan, kunjungi juga otoriv tempat jual aksesoris motor dan mobil lengkap

Lebih baru Lebih lama